Blogger-Info © 2014 | Facebook Twitter Google+
Powered By : Blogger

Sabtu, 22 November 2014



KELOMPOK 1
KETUA : AMA DALUANG AOLIA
ANGGOTA : AHMAD NAZAR WILDAN N
KEVIN NOVANDORA GUNAWAN
KHOIRUNNISFA AMALIA WILDANI
LIA RACHMAWATI
POPI ZAENA RUSMIATI
SANDA GUMELAR
SITI NURLAELA
SOLIHAT












TUGAS SINOPSIS LALEUR BODAS
                Kuningan Kota pagunungan. Dikuloneun kota aya pasir leutik tapi resik, dijieun taman kalangenan. Di tengahna aya empang, pancuranna dirupakeun nanagaan. Caina nyebrot lir naga ngudag mamangsaan. Rupa-rupa kekembangan diatur selang-surupna, matak lucu katinggalna. Dina hiji peuting meneran bulan purnama ngebrak caang lir ti beurang, dina bangku handapeun tangkal campaka, aya nu keur diuk duaan “LILI jeung BASRI”.
                Saha atuh Lili jeung Basri teh? Lili ari ngaran saenyana mah Yulipah anak Haji Abu Bakar anu boga pabrik tinun panggedena di Kuningan. Kaasup jalma jugala, beunghar rea takajarna. Ari Basri anak Haji Arsad, kasebut jekema jegud, loba sawahna ngaplak bubulakna, kebon sababaraha luwuk.
                Pukul dua janari, dayeuh Kuningan anu memengna teu rame, pohara jemplingna, tiiseun nepi ka matak kareueung. Sanajan harita geus pukul dua, Basri mah acan sare, hatena marungkawut, cuscos sarta kumalayang. Ngaheneng bari ngajepat dina korsi panjang gigireun ranjang, panonna beunta tapi teu puguh anu katenjona bari jung nangtung nyampeurkeun meja tulisna, tret nulis rurusuhn, nulisna teh bari semu ambek, tuluy ditilep-tilep, ngajugjug ka imah Didi. Teu sakumaha lilana kurunyung datang deui, barang Didi rek mendetkeun panto katenjoeun aya kertas sacewir dina mejana. Top dicokot pek dibaca.  Ulah sok bijil I peuting, bisi cilaka!           Laleur bodas.
                Laleur Bodas? Naon Laleur Bodas teh? Saha nu boga ngaran kitu, beda ti jelema biasa?  Eta kitu nu tadi ngelemeng tea? Atawa eta mah picilakaeun anu disebut dina surat? Poek teu kaharti ku akal. Mani rieut mikiran eta kajadian.tungtungna bus bae ka enggon, ngarimbunan maneh  ku simbut.     
              Poe minggu isuk-isuk , barang sobari bijil ka tepas , ngalange bari mikiran surat tea. Saboy kitu jol basri sobat dalit na, rek pamitan ,dume’h baris indit masantren.  Sanggeus rada lila ngawangkongna ,tuluy sobari mikun surat ti laleur bodas tea .Ditembongkeun soteh awahing ku geus teu asa-asa, kawantu geus saraiah .
            Basri nampanan surat teh make rada ngade’gde’g sagala , semu gugup jeung haying geura nyaho eusina .
Laleur bodas ?
Lakeur bodas neundeun surat dua sapeting reujeung ? bisa  jadi sajanm reujeung . Saha atuh laleur bodas the ? sobat atawa satru ?wele’h teu kapikir .
           Surat di baca rurusuhan .
           Mani olohok bawaning heran, bet aya nu nyahoeun kana rahasia Sumarni jeung Didi . Pok Basri ngomong “ Akang mah asa-asa , ari arek percaya da kakrak beja . Ari teu percaya bisi enya , sabab moal aya haseup mun euweuh seneu”.       
                Cunduk waktu dating mangsa, sapu nyere pegat simpai! Basri nu sapeuting jeput teu sare balas diriung-riung ku sobat-sobatna, geus ngajanteng hareupeun setasion otobeus. Harita oge ges rea babaturannana anu daratang, rek mileuleuyankeun dina jungna, sapulih menit deui kana datangna otobeus, jol Yulipah pasemonna alum, panonna carindul, sigana bae sapeuting jeput ceurik. Jol otobeus datang, Basri sasalaman ka kabeh sobat-sobatna. Leungeunna dicekel  ku Lili bari ngomong dumareuda bari ngasupkeun ali mata berlian kana jariji Basri, geus beres gerung otobeus indit. Panonna teu lesot ti bebenena, tinggal jeung hiji jelema jangkung gede nangtung di gigireun Lili, bulu pundukna murinding, angenna ngadadak tegtegan.
                Basri geus aya di Pasantren Jamanis. Bubuhan anyar pinanggih, jabat ti tumamu teh hate teu weleh wae nyoreang ka lemburna, babakuna teu kendat inget ka Lili tunangannana. Hiji mangsa keur ngadaweung ngabangbang areuy, aya baturna masantren balik ti halteu mawa surat ti sep halteu keur ka Basri. Eta surat dina tandana sidik Yulipah. Lila pisan ngahulengna, bari rembes cipanonna, teu kuat nandang prihatin, sakapeung jol sangkaan yen pangna ali dipenta the dumeh Lili rek kawin ka nu sejen, tapi jol deui pikiran, bisa jadi enya eta ali ditanyakeun ku indungna lantaran teu nyahoeun keur mikeunna, bisa jadi indungna goreng sangka.
                Dina hiji peuting Subuta niis bari ,mopoek handapeun tangkal tanjung sisi empang gigireun imahna. Sabot Subita niis di tukangeun aya anu dedeheman, dilieuk horeng anu dedeheman the Gapur dituturkeun ku Gani. Gapur bari sarangah serengeh nyokot bungkusan leutik tina sakuna, Subita cengkat bari nampanan, berewek eta amplop the disoehkeun, clik aya nu ragrag ngagurilap kana meja top dicokot diilikan diileng ileng. Sanggeus surat dibaca, ali teh diilikan deui disorot ku batre.
                Dilihur dicaritakeun yen Didi jeung Subita teh ngandung hate ka Basri, nyungkelit ati, ambek teu aya bandingna,reh dina hatena keukeuh nerka yen Basri nu ngadoni ka Sobari. Basri nu jadi pupucuk ribut galagat wiwirang the. Ku Gapur tanda Lili ditiru enya-enya, dina dua poe geus nyeples pisan. Sanggeus kitu mah tuluy ngarang surat, anu unina menta ali, sakumaha nu katampa ku Basri tea.
                Dina wanci nu mustari Lili ngagebeg, lantaran ku manehna kareret yen Nyimas Yutiah make ali dina jarijina anu sakarupa pisan jeung ali manehna nu di pake tanda mata ka Basri. Sareret mah sieun samar mani ngagisik panon sagala, tapi barang haben ditengetan, dilingling dideuleu maling, tetela teu samar deui, yen ali manehna. Tati siga nu pohara reuwaseunnana, nenjo Lili ngadadak geuring the teu nyahoeun lantaran yen ali nu dipake ku manehna.
                Tengah poe keur mejeuhna hareudang bayeungyang, jol badegan nyodorkeun surat. Barang di buka sihoreng surat ti Subita ngangkir, lepasna amarah saurna mawur kalangsu, kedal lisan teu merenah.
                Pukul sapuluh Basri geus ngageuleuyeung ninggalkeun Kuningan. Basri indit the sobari mah teu kabejaan .Kersaning pangeran arek ngaganjar ka nu sabar , mere ka bungahan ka nu prihatin , poe eta sobari teh nampa bisluit, di benumkana Mantri Guru Kabayuran bawahan Jakarta.Minangka sosonoanana , Sobari beuki mindeng bae pulang-anting na ka haji Asrad.
                   Teu mangkung saminggu ti tas yutiah nikah ka Sobari,Lili d beresan lu subita.Geus dua taun basri leungit na,dua taun lilidi tinggal keun ku basri ,teu aya beja-beja na acan.
            Pabeubeurang basri geus datang ka kunungan , ku kolot na , babakuna ku indung na meuni di ceung ceurikan bawaning atoh , sast anu paeh hirup deui.
           Barang aya rajapati di subita tea,basri geus teg bae aya sangka , yen ka jadian kitu the gara-gara surat maneh na nu niron-niron surat gapur tur di ulasan ku angsi beureum katut sakiknna.
          Sanggeus pok deui  pok deui menta di hampura sarta ku basri  jeung lili d hapura pisan, Gani maksakeun imut bari ngomong “Jang Basri, kuring the boga rahasia . ari panjang n amah ku kuring ditukiskeun dina buku notes kandel .tadi na mah rek sabisa-bisa di karang di jieun buku, tapi buktina bet kieu, duka bisa hirup tuluy duka moal! Bukuna ieu dina handapeun angel.buku ku basri di cokot,maneh na jangji  tangtu baris di jieun buku.
        Teu lila nu ngelemeng teh  ngadeukeutan ka jandela  bari nyalukan Lili lalaunan.Basri bijil ti panto hareup rurusuhan ,neupi ka pohoeun ngoncikeun deui.Kuing kaluar deuipura-pura teu terang naon-naon.Ari asup deui  rek nyapih Gaur gelut jeung Didi , Kuring pribadi tatu.ajadian satuluy na ah sarerea  oge tarerang , da lain rasiah deui.  Lili lain ngajawab kana omongan salakina , kalah ngaheuruk kawas keur aya nu di pikiran. Ari cengkat neuteup kana beungeut salakina bari nyangkrung cipanon.Maneh na pada nandang kasedihan.

Terima Kasih telah membaca Catatan di atas,

★ yang Di buat : Pada hari ★ Sabtu, 22 November 2014 ★ Pukul : ☞ Dengan Judul : ★

Sinopsis Laleur Bodas

★ Penulis :
Perlu di Ketahui:
 Catatan ini di buat oleh Operator Warnet COPAS dari
Dokumen Microsoft Office Word (Tugas Pengunjung Warnet),
yang kebanyakannya sudah langsung di Print Out,,
Catatan ini Hanya untuk Archive Data/Dokumen
dari para Pengunjung Warnet,
ada juga Data dari Hasil Kerja Operator
dalam melayani Konsumen yang datang,
hanya sebagai Bahan dasar Pengerjaan Tugas,
bilamana suatu saat nanti di butuhkan kembali,
dan sebagai Bahan Pembelajaran untuk Semuanya.
                        
Semoga bermanfaat..(^_^)

0 komentar:

Posting Komentar

Facebook

DAFTAR ISI
Total Kunjungan